Pages

Surat ti Nini | Humor Sunda

Surat ti Nini | Humor Sunda - Aya nini-nini indit ka kantor pos rek ngirim surat ka incuna, kulantaran bingung si Nini ngadeukeutan salah sahiji loket.

Patugas : Aya nu tiasa dibantos Ni?
Nini : Aya Cep, Nini rek ngirim serat ka incu nini, naha di dieu aya parangkona?
Patugas : Aya atuh Ni piraku di kantor pos teu aya parangko, Teras naon deui?
Nini : Punten we atuh sakalian pangnuliskeun alamatna dina amplop!
Patugas : Mangga Ni ku abdi dipangnyeratkeun, aya deui?
Nini : Aya Cep, cing pang nuliskeun suratna sakalian!

Terus we petugas teh nulis surat nu sakitu panjangna di dikte ku Si Nini.
Geus anggeus nya dibikeun ka Si Nini supaya dibaca heula.

Patugas : Mangga aos heula Ni!
Nini : Punteun Cep tambahan saeutik deui di handapna, N.B. Incu hampura Nini upama tulisana butut!
Patugas : Eh, ari si Nini ....!

rolling on the floor rolling on the floor rolling on the floor rolling on the floor rolling on the floor rolling on the floor rolling on the floor
Untuk berlangganan artikel, masukan email anda disini:



1 Comment :

Zaki mengatakan...

hahahahaahahah... koklak euy...

Posting Komentar

Bahasa dapat mencerminkan kepribadian seseorang.
Bagi yang ingin promosi web, blog dan atau mendapatkan backlink dari blog ini, telah disediakan tempat khusus. Klik DISINI

 

Info Olahraga

Info Komputer

Info Blackberry