Pages

Anak Durhaka!!

Pasosore pa kocong keur ngobrol diteras imah jeung budakna, si Udin.

Pa kocong: "jang cing pang meulikeun inuman nu tiis di warung!"
Udin: kokakola apa sprit pa?

Pa kocong: kokakola weh...
Udin: anu kaleng apa nu botol?

Pa kocong: "botol"
Udin: nu botol leutik apa nu gede pa?

Pa kocong: oooo budak gebleg! geus meuli cai weh!!
Udin: akua atawa cai biasa?

Pa kocong: "akua kehed!!
Udin: panas atawa nu tiis (lengpeng teu kerot-kerot)

Pa kocong: mana sapu, mana sapu? gebug siah!!
Udin: nyere apa sapu injuk?

Pa ocong: "halah, dasar sia mah siga sato wae!"
Udin: embe atawa munding pa?

Pa kocong: embe geloooo!!
Udin: embe bikang apa jaluna?

Pa kocong: setan siah!!! (beuki ambek)
Udin: pocong atawa genderewo??

Pa kocong:bkumaha sia weh, kaditu indit we lah...
Udin: kudu poe ieu atawa isukan?

Pa kocong: ayeuna siah!!
Udin: bapa milu moal??

Pa kocong: asli gelo sia mah. Dipaehan siah!
Udin: ditubles apa ditembak?

Pa kocong: ditembak siah!!
Udin: sirahna atawa beuteung?

***Pa kocong sakarat kekejetan langsung struk stadium 17 nyanghareupan kalakuan anakna, si Udinrolling on the floor

 Tag: humor sunda :: heureuy sunda :: gogonjakan
Untuk berlangganan artikel, masukan email anda disini:



0 Comment :

Posting Komentar

Bahasa dapat mencerminkan kepribadian seseorang.
Bagi yang ingin promosi web, blog dan atau mendapatkan backlink dari blog ini, telah disediakan tempat khusus. Klik DISINI

 

Info Olahraga

Info Komputer

Info Blackberry