Pages

Pupuh Sunda

Pupuh nyaeta salah sahiji jenis kasenian sunda anu mangrupa kakawihan puisi anu tangtu polana, boh engang (suku kata) atawa sorana. Satiap pupuh ngagaduhan masing-masing watek atawa ciri nu ngagambarkeun hiji kaayaan atawa kajadian, diantarana:

1)   Pupuh Kinanti watekna: prihatin, harepan, ngadago-dago.
2)   Pupuh Sinom watekna: gumbira, senang, kasmaran.
3)   Pupuh Asmaradana watekna: cinta, biraha, silihasih, nasehat.
4)   Pupuh Dangdanggula watekna: kabungah, kaagungan, tenang, tengtrem.
5)   Pupuh Magatru watekna: nyelang carita, lulucon ngeusi, prihatin.
6)   Pupuh Mijil watekna: susah, sedih, cilaka, tiiseun, jempling.
7)   Pupuh Durma watekna: ngambek, pasea, gelut, perang.
8)   Pupuh Pangkur watekna: lumampah, napsu, sadia rek perang.
9)   Pupuh Maskumambang watekna: prihatin, sasambat, nyeri, nalangsa.
10) Pupuh Pucung watekna: piwuruk, kaget, wawaran, eling.
11) Pupuh Wirangrong watekna: wirang, era,rugi apes.
12) Pupuh Jurudemung watekna: kaduhung, hanjakal.
13) Pupuh Balakbak watekna: pikaseurieun, guguyon, lulucon.
14) Pupuh Gambuh watekna: bingung, tambuh laku, samar polah.
15) Pupuh Gurisa watekna: lulucon, tamba kesel, pangangguran.
16) Pupuh Lambang watekna: banyol, pikaseurien.
17) Pupuh Ladrang watekna: banyol, heureuy, gogonjakan.

Mung sakitu nu kapihatur, manawi sasieureun sabeunyereun tiasa katampi ku kadang warga ti dayeuh sareng ti lembur.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bahasa dapat mencerminkan kepribadian seseorang.
Bagi yang ingin promosi web, blog dan atau mendapatkan backlink dari blog ini, telah disediakan tempat khusus. Klik DISINI